
Asih Putera anu Urang
Pangjurung Ibu ngawangun jatining qolbu
Pangyuga Rama sumekar sapalaputra
Ngawincik diri ngatik ngadidik generasi
Nyaangan dunya ku elmu. duuuuh....
Wujudna, nya Asih Putera
Lakuning ingsun nyiar
elmu pangaweruh
Ngarumat sukma sangkan panceg dina iman
Jatining diri ngahontal hirup sangkan hurip
Jari diri nu pinunjul, duuh...
Ku atikan Asih Putera
Asih Putera anu urang
Urang riksa babarengan
Ngambahan sagara zaman
Keur bekel hirup waluya
Nyeungceum sampeureun keur jaga
Miangna ti Asih Putera
Asih Putera anu urang
Lambang cinta pendidikan
Bukti bakti wangun negeri
Ngahontalkeun harkat diri
Maslahat Dunya akherat
Wiwitna ti Asih
Putera
Ieu ku sim Kuring
ditulis dijadikeun tembang keur
Asih Putera ti tahun 2000-an keneh. Pada anu kadua , sim Kuring nguyang, kénging
Pa Seno pada anu kadua mah.
Pernah dihaleuangkeunkeun
dina raraga milad Yayasan Asih Putera ka-23, anu tempatna di MTs Asih Putera. Harita téh ngondang
alumni guru anu kantos ngawulang di Asih Putera. Harita mah masih kénéh
sok ngahaleuang najan silung ogé, wani sotéh pedah nu mirigna ogé
barudak MI Asih Putera.
Ayeuna Yayasan Asih Putera
milangkala anu ka 38 taun. Masih kénéh luyu henteu jeung visi misi
Yayasan Asih Putera ayeuna ?
Visi Yayasan Asih Putera ayeuna nyaéta, “Lebih Besar, Lebih Manfaat, dan Lebih Berdampak
bagi Semesta.”
Anu kagambarkeun dina
tembang di luhur mah, masih dina sual dunya
atikan. Ayeuna mah geuning geus leuwih luas ayeuhanna, lain ukur dina widang atikan. Tangtuna, bakal leuwih loba harepan
jeung manfaat anu bakal kahontal. Loba ogé tangtangan anu bakal kasorang di waktu anu bakal datang. Nandakeun yén kahirupan urang mah hirup teu weléh aya dina parubahan, heunteu
mandeg dina genahna kabiasaan atawa
ujub dina kaunggulan, komo lamun malah mundur dina kabodoan.
Paling henteu tembang Asih Putera anu Urang masih luyu ( manawi) jeung téma
milad Yayasan Asih Putera anu ka-38, nyaéta
“Menyatukan Hati, Berkolaborasi untuk Negeri”
Pikeun ngahontal tujuan anu mulya éta, merenah pisan pangéling
anu didugikeun ku Ketua Yayasan Asih Putera, Bapa Ir. H. Edi Sudrajat Ahmad, dina raraga ngabuka acara sukuran milad mangkukna, anu sakolébatan katingal dina layar monitor, kieu kurang leuwihna,
Apabila mau berjalan lebih cepat, berjalanlah sendirian.
Apabila mau berjalan
lebih jauh, berjalanlah bersama.
Hayu urang réréongan
maheutkeun niat tur tékad pikeun ngahontal visi misi yayasan. Sangkan Asih Putera
ka hareupna, teu weléh méré mangpaat ka sakuliah alam dunya. Mungguhing iwal Allah anu Maha Kawasa, anu bakal mukakeun
jalan, ngagampangkeun ihtiar sangkan kahontal sagala paniatan jeung harepan, Aamiin
yaa Robbal’alamiin.*
(Dra. Imas Wina Triana – Guru MI Asih Putera)